Black Séptémber
WANCI sareureuh budak. Ngan sajorélat, kerewek beuheungna dikenyang. Diséréd ka jero mobil. Poék. Adug lajer. Mertahankeun kasucian. Durma murka ngagunasika. Sihung angkara nyanggereng! Nyegak! Ngajejewét mangsa tan walakaya. Nyeri. Peurih. Nista. Nu karasa.
Janari leutik. Lung! Awak Konéng dibalangkeun. Ngajurahroh di jalan nu hara-haraeun. Getih merebey maseuhan sampingna. Rumanggieung. Dadaligdeugan. Konéng maksakeun hudang. Sasadu. Tamiang meulit ka bitis. Dituduh nyieun laporan palsu. Samalah dicap anték Gerwani.
“Kuring dipruso di mobil! Kuring sieun! Mun kuring lapor dipruso di mobil, diancam rék disetrum! Kuring sieun!”
Nu boga alpukah ngagakgak. Sungutna nyegak bau arak. Kolotna, para gegedén, kalah nangtayungan. Ciweuh klarifikasi. Visum ét répertum, dirékayasa. Barang bukti diaclengkeun. Tukang baso katempuhan buntut maung. Leungeun otoritér nguwak-ngawik tetekon hukum. Nu cacah dikakaya. Nu jegud dipayungan. Tragédi Konéng. Potrét hukum nu rumeuk. Eunteung kulawuna kaadilan. Di nagri nu cenah geus merdika.*
Rameli Agam - kisuta.com


