Eunteung Leutik Fiksimini
BOA kitu nu karasa ku nu maca. Maca fiksimini, asa nénjo kalangkang nu tingkolébat dina eunteung leutik. Atawa asa noong nu lalar liwat tina liang konci. Henteu bisa laluasa. Tapi nu arusik ngalalakon sidik rigigna, bari mindeng lir pada némbongkeun eunteung séjén. Ngalegaan. Ngabiaskeun imajinasi séjén. Ngaweuhan dina pikiran. Lain carita nu ukur ngalalar tuluy laas saharita. Tapi sok terus nyantél lila dina pikiran. Ngajak ngahuleng. Pikiraneun. Lebah dieu kani’matan maca fikmin téh. Miboga sipat kentel tur unity, gembleng. Saeutik tapi patri. Pondok tapi nonjok.
Fikmin anu di batur disebut micro fiction atawa flash fiction henteu ukur pedah wangunna pondok atawa caritana sakilat, tapi miboga karakter nu mandiri. Nya ku sipatna nu kieu pisan, pangarang dipaksa kudu tapis milih-milih kecap jeung adegan. Lamun seug nyieun babandingan, novel minangka gambaran awak sakujur. Carpon ngébréhkeun beungeut hiji jalma. Fikmin mah ukur motrét cipanon nu ngeclak! Peristiwa nu pangkuatna! Pangnenggelna kana mamaras nu maca! Tangtu mikabutuh prosés nu lain lumayan hayang bisa tepi ka kitu téh. Lebah ngolah diksi, fikmin téh teu bina ti sajak.
Pangarang diperedih bisa telik milih awas milah. Parigel merenahkeun kecap. Bisa ngurud nu teu perlu, ngeureutan anu paranjang. Bisa ngararasakeun. Bisa ngicip-ngicip. Kecap nu mana nu upama dipiceun bakal karasa copong sarta matak ningnang kana carita. Kecap mana anu beuneur, nu peurahan. Ari dina ngolah galur, fikmin téh teu béda ti carpon, mikabutuh hiji peristiwa. Aya plot anu diréka, anu diolah dipapantes ngarah genah kana carita. Naha nu galurna datar, mudun-nanjak, atawa netek sakaligus. Kari kumaha kahayang pangarang. Upama teu kitu, fikmin bakal karasa cawérang, ngoléang. Boa taya bédana jeung pangalaman para mitra atawa status curhat nu ilahar sok kapanggih dina facebook atawa twitter.
Macaan fikmin dina ieu kumpulan Léptop Kresna karya Kang Uyuh (Yuharno Uyuh), urang nu maca lir dibawa nganjang ka alam nu béda, alam pawayangan jeung alam nyata, kahirupan nu kasaksén ku pangarang. Ieu kumpulan diwilah-wilah jadi tilu bagian, sanajan saenyana upama ditilik tina téma mah méh sawanda. Bisa jadi ku lantaran tokoh carita nu matak perlu dipasing-pasing téh. Fikmin-fikmin dina bagian kahiji ngalalakonkeun tokoh-tokoh carita nu diangkat tina dunya pawayangan. Bagian kadua tokoh carita tina rupa-rupa status sosial. Ari dina bagian katilu, urang manggihan Ki Tayar, minangka tokoh tipologi anu ngahaja dihirupkeun pikeun nepikeun gagasan-gagasan pangarang.
Kang Uyuh ti béh ditu mula raket jeung dunya pawayangan. Nalika keur sakola di SMKI (ayeuna SMK 10 Bandung) milih jurusan padalangan sarta mindeng nulis carita wayang, bubuhan kaasup pangajaran nulis di sakolana. Ti taun 1989, ieu pangarang nu hatam kana ngarebab téh jadi guru di almamaterna di SMKI, sarta ngajar seni tradisi. Nilik kasang tukangna, karuhan baé upama kaweruhna onjoy kana bagbagan carita wayang jeung sabangsaning kasenian tradisi. Dina fikmin-fikminna, sakumaha anu kabaca dina bagian kahiji ieu buku, éta carita wayang téh diraéh deui, malah sina jauh méngpar tina pakem nu ilahar. Pangarang bangun ngahaja ngan ukur nginjeum tokoh, latar, atawa peristiwa minangka hiji simbul pikeun ngagambarkeun kaayaan atawa réalitas nu nyampak di alam kiwari. Urang manggihan Kresna nu mamawa Léptop Ogan Lopian, minangka gaganti jimat Gambar Lopian anu kamashur dina pawayangan. Urang gé manggihan Suti Ragén nu haat nyunyuhun nyiru dagang goréngan, Arjuna nu playboy sarta sok pésbukan, atawa Déwi Kunti nu cétingan jeung Batara Surya. Éta ngahaja ku pangarang sina patepung, sina awor antara wayang jeung kahirupan kiwari nu kasosok ku rupa-rupa pangaruh.
Aya nu karasa leuwih bedas lebah ngaruksak pakemna. Wayang ngalawan dalang. Ngancurkeun palasipah ‘wayang kumaha dalang’. Dina fikmin “Semar Gugat”, Semar nu ilaharna jadi panutan, kolot nu dipiajrih ku saréréa, bet ngaluncat ka tengah-tengah nu lalajo, tuluy ngagorowok nyacampah dalang. Teu hayang diigelkeun. Bosen jadi rahayat nu salawasna jadi kékéséd. “Silaing mah ngeunah…bérés manggung angkaribung! Déwék mah diasupkeun deui kana kotak. Kagencét!” Aya deui nu leuwih neumbag kana mamaras. Fikmin “Kumbakarna” nu diraéh tina peristiwa kapahlawanan Kumbakarna, nu teuneung nandéan saban lalancip jamparing Rama. Nandonkeun raga jeung nyawa keur kahormatan lemahcaina, Aléngka. Dina carita nu leuwih daria kawas kieu mah, karasa yén fikmin minangka lolongkrang, eunteung leutik atawa liang konci, pikeun noong peristiwa nu leuwih rohaka. Nya lebah dieu deuih, dina fikmin-fikmin nu jejerna wayang, nu maca diperedih miboga referensi kaweruh ngeunaan dunya pawayangan.
Dina bagian kadua, nu jumlah fikminna leuwih réa, katémbong rupa-rupa tokoh carita, latar, jeung téma anu béda-béda. Upama dina fikmin nu jejerna wayang pangarang bangun hayang museurkeun kritik sosialna ka luhur, ka para gegedén, dina bagian kadua mah leuwih réa nyaritakeun kahirupan jalma leutik. Gambaran rahayat nu susah tigerat. Urang lembur nu kalindih, kabaud ku robahna pajamanan. Ma Uti nu leungiteun pakasaban, daun tisukna geus taya nu meuli. Si Abah nu leungiteun léngkob jeung pasir lantaran geus robah jadi lapangan golf, atawa Ny Ocih, urut TKW nu kudu nanggung wiwirang sabab boga anak jadah.
Aya nu nenggang ti éta, nyaéta fikmin anu raket pakaitna jeung kasang tukang sarta pangalaman émpirik pangarang nyaéta nu ngaguar kasenian. Ieu bisa katémbong upamana dina fikmin “Heal The World” nu hayang némbongkeun punjulna seni tradisi turta teu éléh ku seni modéren. Atawa dina fikmin “Rebab Wasiat I” jeung “Rebab Wasiat 2” nu némbongkeun ayana unsur mistik dina kasenian tradisi. Tapi fikmin nu kawilang unik dina ieu bagian nyaéta “Sales Pasaran”. Lain pédah wangunna leuwih pondok, tapi jejer pasualan nu diasongkeunana nénggang, orisinal. Ngahudang tapsir nu rupa-rupa. Téma pati diguar ku cara anu basajan, tapi karasa patukang tonggongna, antara pati jeung dunya nu ramé.
Dina bagian katilu, urang ditepungkeun jeung tokoh Ki Tayar. Saha saenyana Ki Tayar? Naha jalma sakti atawa tokoh héroik nu ngabéla rahayat leutik? Tina 20 fikmin nu ngalalakonkeun Ki Tayar, teu kagambar kalawan teges kumaha saenyana karakter ieu tokoh. Sanajan sababaraha kali disebut yén Ki Tayar boga balad, tapi teu katémbong écés punjulna. Pangarang henteu panceg merenahkeun pasipatanana. Dina fikmin “Durukan” Ki Tayar téh sakti, bisa guguntayangan nyuaykeun reueuk sarta rék masang pitapak tina rébuan guludug. Tapi dina fikmin “Si Pelén” mah perwatekna borangan, lumpat purat-pérot sieun ku méong. Dina fikmin “Ki Tayar 1”, ieu tokoh jeung balad-baladna dibérok sanajan henteu tétéla naon nu jadi kasang tukangna. Ari dina fikmin “Nu Liwung” Ki Tayar jadi jalma nu teu walakaya “Diténdok, ditalikung héabna Ki Durja nu ngagalaksak”. Nu kasampak tina sawatara fikmin, Ki Tayar téh ngan semet bisa nyaksian rahayat nu pakéwuh, tur manéhna ngan bisa rumahuh. Henteu tandang némbongkeun jajatén.
Ieu tulisan éstu ukur saulas. Ukur ngaguar lapisan luarna tina 96 fikmin nu dimuat dina ieu buku. Ongkoh kitu munggguh karya, ‘paguneman’ nu leuwih anteb mah nalika amprok jeung nu maca. Amis-pelemna bakal karasa nalika urang maca, nyurahan tur ngalenyepan. Ku kieu ku kitu, medalna ieu kumpulan fikmin Léptop Kresna karya Kang Uyuh, perlu meunang pangbagéa ti balaréa. Urang bisa mulungan luang, pangalaman batin, tina ieu karya nu ngasongkeun rupa-rupa peristiwa jeung pasualan hirup manusa kiwari. Urang gé miharep, fikmin minangka génre anyar nu masih pada asa-asa narima, laun-laun muga-muga pada ngahiap-hiap ngabagéakeun.* Hadi Aks - kisuta.com


