Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Reuneuh di Kampung Bikang

Selasa, 16 September 2014

“UIH balanja Pa Nénéng?” ceuk Rukmana ka Abdullah nu leumpang mawa karanjang eusi sayuran. “Sumuhun, Pa Yanti,” témbal Abdullah. Disebut Pa Nénéng sotéh pédah Rukmana jadi salaki Prof.Dr.Ir.Nénéng Haeruni.MBA.Spd salaku direktris di hiji pabrik. Sedengkeun Abdullah boga pamajikan ngarana Yanti, pagawéanana ngabéca pikeun nganafkahan anak jeung salaki. Di kampung éta mah tibalik, pagawéan awéwé nyiar kifayah, lalaki ngagawékeun sarupaning kabutuhan rumah tangga ti mimiti ngepél, nyeuseuh, ngasuh budak, masak jeung sajabana. Hiji mangsa, Rukmana utah-utahan laju dipariksa ku dokter Aisah, di Puskesmas. Rukmana positif kakandungan tilu bulan. Genep bulan ti dinya, koran-koran tur televisi geunjleung ngawartakeun yén aya lalaki reuneuh! Beurang peuting sapangeusi dunya ngalobrolkeun pasualan Rukmana anu ayeuna keur ngajuru. Sakabéh dokter kandungan teu sanggup marajian ku jalan normal. Antukna Rukmana dioperasi sésar. “Ooaa….! Borojol orok lalaki, suku jeung leungeun kumplit. Rupa siga indung, panon ngarah ka bapa, ngan aya nu patukeur, tempat irung jeung alat vital.*

Yusef Muldiyana - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya