Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Unak-anik

Leotan Cap Jago

Rabu, 17 September 2014

CEUK urang kampung mah ngaranna léotan paragi ngaléot. Tapi umumna mah sok disebut setrikaan, licinan atawa panggosokan. Keun wé teu nanaon béda ngaran mah, nu penting alat ieu paragi nyetrika sarupaning pakéan nu tas dipoé.

Ieu léotan téh bisa dipaké ngaléot pakéan. Di jerona aya beuleum areng panas. Saméméh diléot pakéan téh sok diolés ku cai. Mun teu dikitukeun pakean anu tas dileot teh sok leeh mun heg kapanasan.

Saméméh ngaléot, kudu nyayagikeun areng anu geus garis. Terus diasupkeun kana léotan bari dihurungkeun. Digeberan ambéh arengna hurung. Tah ari geus panas mah kakarék dimimitian ngaléotan pakéan téh.

Léotan anu dina tebéh lawangna aya lamang hayam jago téh, dijieun tina logam tambaga. Mun ditimbang meureun aya kana lima kiloan mah da mani beurat geuning amun hég dijingjing téh. Pangna maké logam ieu téh ambéh tahan panas, jeung teu matak ngaruksak kana pakéan anu diléotna.

Kiwari nasib léotan téh ngan kari waasna. Pangna ngaleungit téh apanan ayeuna mah geus diganti ku setrikaan listik. Enya rada genah ngaléot maké setrikaan listrik mah. Teu kudu bangga ngahurungkeun areng, jeung ngageberan maké hihid nepi ka leungeun kalotor.

Maké setrikaan listrik gampang pisan. Kabelna kari dicolokkeun kana liang listrik, dagoan sababaraha menit, geus bisa nyetrika pakéan. Tah lamun geus panas, kari diputerkeun volume na.Nyetrika maké setrikaan listrik mah bisa didadak. Béda jeung léotan mun nyetrika téh kudu loba nu disetrikana, da lamun saeutik lebar areng hurung kénéh, maenya kudu dipiceun.

Ngan nyakitu nyetrika maké setrikaan listrik, kudu iatna, merhatikeun panasna listrik. Lamun talobéh, sok komo poho kana setrikaan anu masih némpél kénéh kabelna kana colokan listrik matak pibahayaeun. Setrikaan bisa kahuruan, balukarna lisrik konslét. Mun teu gancang diamankeun imah bisa kahuru.

Loba nu nanyakeun, ayeuna sok diparaké kénéh leotan cap jago téh? Puguh geus tara diparaké deui. Malahan léotanana gé geus taya dikieuna da ku nu bogana dijual ka tukang loak. Tapi aya ogé anu ngarasa héman, éta barang téh disimpen dipaké hiasan di mah jadi barang antik.* H. Undang Sunaryo - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya