Nu Nangtung di Rawayan
RAWAYAN. Gupayna tatangkalan. Ngariakna sora cai. Tiisna hawa nu ningtrimkeun pikir jeung haté. Jeung hiliwirna angin nu ngariabkeun hijab pulas beureum anjeun. Napel ‘na kongkolak mata. Teu daék ilang. Poé datang. Poé indit. Piligenti. Teu pasilingsingan. Siga urang nu can kungsi pajonghok. Ukur siliteuteup ti kaanggangan. Silih nganaha-naha. Rundayan acara tilu poé tilu peuting di Kanékés. Dipungkas di Gajéboh. Acara pangahéngna taya lian, basa anjeun nincak dadampar rawayan. Nangtung ditengah-tengahna. Laju muka hijab. Leupas tina réma. Diapungkeun ku angin. Hiber ka handap. Hijab beureum dumadakan salin rupa jadi konéng.Jadi bodas. Jadi bulao. Ninggalkeun rambut panjang nu ngarumbay. Katebak angin. Nutupan amis cau nu mageran akar rambut. Siga nu mageran haténa. Ti kaanggangan. Ti imah Jaro Rawayan. Nu jauhna sapamanah. Asih dipentangkeun. Dipanahkeun ka tengah rawayan. Puuung! Jamparing asih ngabelesat! Poé siligenti datang. Saminggu panceg. Poto dibukaan. Sidik écéng ligar dina dadana. Ngagedéan. Nutupan haténa. Mastakana ieung. Ragrag kamana?*
Deni Riaddy - kisuta.com


