Aji Batara Karang
UNGGAL anak-anakna nelepon ngan ukur kadéngé rékaman jawaban. “Papih dina kaayaan séhat wal afiat. Ulah hariwang. Ayeuna keur sukan-sukan ngurilingan dunya.”
“Inah...,manéh geus sarua kolotna jeung kami. Geus waktuna pangsiun. Tah méré duit sakoper. Itung-itung pesangon ti kami. Bisi butuh barang bawaeun, kop tong asa-asa. Geura balik ka lembur. Sing soson-soson ibadah. Meungpeung aya kénéh sésa umur!”
Tutas Bi Inah pangsiun Juragan Papih rumahuh. “Deudeuh teuing awaking. Jigana manéh téh geus mo bisa kompromi deui. Da bonganna kami nu kurang riksa. Mopohokeun manéh, basa kami saumur-umur ngungudag dunya barana.”
Bari jeung rarampéolan cat unggah ka lanté tilu. Cetrék ngonci panto ti jero. Gék diuk na korsi goyang. Gambar- gambar Karl Max, Stalin, jeung Mao Tse Tung nu narapel dina témbok rohangan. Diteuteup hiji-hiji. “Sobat-sobat sapartéy...Aing hayang jiga aranjeun!” Pokna teges. Geus kitu ngabaheum parasétamol salima-lima. Jos... , jos... Teu asa-asa nyuntik-nyuntikkeun formalin kana dua pigeulang...*
Maman Damiri - kisuta.com


