Duhung Pangasihan
“TAYA hartina nya, Nung, méré kembang ayeuna mah. Cumah!” Gerentesna. Kembang pamocélan mugur saranggeumanna.
Manéhna tanggah: saangkleung méga nu ngambang; sakeupeul haté nu ngembeng.
“Cinta, teu?” Mahéra kungsi nanya satukangeun taktakna. Teu dijawab. Kalah ngayakinkeun yén cinta mah teu perlu dikecapkeun, rarasakeun baé tina polah jeung tanda.
“Tanda nu mana? Teu kembang-kembangna acan!” Mahéra ngoréjat, lagu jamedud. Teu ieuh disambat. Hayang manéhna norolangkeun yen cinta mah teu perlu kembang, cinta mah teu perlu duit, cinta mah teu perlu anu, cinta mah teu perlu... Ah, réwu alesan nu laju mudal najan teu kedal. Bati kocapna, “Urang mah teu romantis, Nung! Éra. Siga rumaja baé.”
Kari kiwari kaduhungna. Kaduhung manéhna teu ngabohong, ngarah bungah api-api cinta, melak kembang na dadana.
“Hampura, Nung! Bongan cinta ngan perlu cinta.” Wakca dumareuda. Yakin ka séwang-séwang pangdéngé alamna.
Kembang panyekaran méh minuhan pajaratan. Sahiuk angin lebah tetengger, nganteurkeun panonna ka sabaris aksara --nu isuk-geto, boa pohona.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


