Gara-gara Nahan Sono
TI mimiti bobogohan jeung manéhna, rasa sono nu teu weléh nyoso. Resep ku bageurna, soléh, kasép deuih. Teu panggih saminggu téh asa sataun. Komo ayeuna, geus genep bulan teu paamprok. Alatan manéhna tugas ka luar nagri. Sakalieun ngobrol na telepon, sajam gé asa samenit.
Poé ieu, kuring nu nelepon, teu kuat hayang mudalkeun bangbaluh.
"Kang, iraha mulih?" cekéng.
"Tilu sasih deui. Sabar, nya!" jawabna.
"Badé sabar kumaha ari Akang? Abdi tos isin ku tatanggi. Da nu ieu mah teu tiasa disumput-sumput!" lumengis.
"Perkawis naon?" Jawabna semu nu reuwas.
"Teu kenging api-api, Kang! Da abdi gé teu kantos hubungan sareng nu sanés." Cekéng. Manéhna ngabetem.
"Kang, ieu éwateun na raray abdi meni arageung. Apanan ieu téh gara-gara kangen ka Akang. Naha badé ngangles?"
"Ni...! Éni..., aya kituna." Sora manéhna, bari seuseurian siga nu bungah.*
Eni Setiani - kisuta.com


