Dongéng Batu jeung Sapatu
SAENDENG-ENDENG cindukul na mumunggang pasir, batu karah sirik ka sapatu. Pédah, ceuk pikirna, sapatu mah seubeuh apruk-aprukan. Nganjang ka tiap péngkolan. Sakapeung, jadi kareueus nu makéna, tumpang kaki di café sisi jalan, bari anteng maca koran, suku diuget-uget. Ngajebian sakur nu ngaliwat.
Sanajan teurak ku pedang, lian ti nénggor ucing hideung, kungsi dipaké nété tarajé sagala. Karuhan najongan panto mah. Bubuhan dunungan tukang ngacapruk, mulih ka bumi téh émutan sok ararahéng, bari sora bél teu walakaya. Da puguh nu di bumi tos talibra.
Di dieu, di jero gudang, sapatu teu éléh ngutruk. Nalangsa pédah teu jadi batu na mumunggang pasir. Pikirna, seubeuh dikeukeupan srangéngé, silih teuteup jeung bulan, diusapan angin jeung kembang. Enya gé tara ingkah ka mamana, disandingkeun jeung sendal, sepré atawa jas hujan pisan, moal tumpur ku umur. Sakalina aya nu ngarungkad, dibawa ka lembur, direcah jadi jubleg atawa titincakan, masih bisa dipake malédogan bulan.*
Maman Gantra - kisuta.com


