Rumah Tangga Naraka
UTEUK Pa Bob mumet. Mikiran Si Boy, anakna nu keur rumaja. Geus dua poẻ nandangan kiih getih. Katerap panyakit kotor. Bu Bẻtsy, pamajikanana, nyarankeun konsul ka dokter Hẻri. Dokter kulawarga nu mindeng datang ka imah Pa Bob, saluareun kaperluan mariksa kasehatan.
Gancang dr.Hẻri dikontak. Geus nyambung, langsung bruk-brak.
“Boa Bob mindeng hubungan sẻks jeung PSK?”
“Ngakuna mah henteu. Ukur jeung Si Konah wungkul, cenah, babu tẻa.”
“Euh, jadi mungkin Si Konah sumber ẻta panyakit…...
“Mungkin waẻ, dok. Ngan masalahna...hmmm...bapa gẻ rada mindeng jeung Si Konah…...”sora Pa Bob dilaunkeun bari panon mencrong ka panto dapur.
“Waduh bahaya atuh….tos aya gejala?”dokter Hẻri satengah nyeleksek.
“Duka atuh. Nu jelas, pun bojo kantos ngangluh nyeri kahampangan….”
Telepon ngadadak putus. Sabab barang ngadẻngẻ caritaan Pa Bob kitu, dr.Hẻri satengah ngalenggerek, bari nyarita haroshos :
“Ana kitu, aing gẻ katerap.”*
Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


