Kembaning Kemba
TOS sabaraha usum, Nun? Salira nyapukeun dangdaun waktu, manggunuk heulay nu tingkoléang tina jirim, ngajadi kalangkang pangantian di pipireun soca.
Reres ngijih keukeuh umarep, “Kin halodo baris datangna,” rumangkeup leungeun dina dada, sanajan iber can kénéh ngoréatkeun panto pager.
Tapi saha nu bisa megatkeun harepan, pama pucuk-pucuk implengan teu reureuh pating kuniang, laju ngemploh saméméh regas maluguran. “Kuring nganti nepi ka hujan nu bakal datang...,” haréwos salira satukangeun rangah dunga nu mingkin karancang.
Kitu jeung kitu, salira tugur mangbulan-bulan batu. Ngabatu. Ngukir kakangen ngajadi arca pikeun sembaheun cinta nu teuing di mana.
Kuring masih keneh di dieu, Nun. Kemba gigireun pisan salira. Ngarangsadan detik demi detik nu teu ieuh talanjang, bati nyatetkeun mangjilid raheut jeung paheut nu unggelna geuning teu kungsi robah, angger satia.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


