Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Ngemitan

Selasa, 30 September 2014

BURHAN ngalempréh di rumah sakit. Dikemitan ku pamajikanna nu asli. Dibaturan ku indungna nu kanyos. Regung. Ngahaja datang ti lembur. Cenah sono heubeul teu tepung. Mawa timbel jeung beuleum asin karesep anakna.Hanjakal teu ditoél-toél acan.
Tengah peuting. Burhan gulinggasahan. Sasar. Sagala disebut. “Vila nu di Bandung, keur Mikeu. Tah mobil yang baru dibeli mah, buat Ayang..., kalem wé! Si Péot mah moal apaleun ieuh,” pokona. Nyoroscos. Nu ngemitan ukur meureudeuy. Beueus. Indungna mah tonggoy babacaan. Mapatkeun jangjawokan. Kurunyung dokter. Mariksa. “Ga apa-apa, ini mah cuma baru gejala!” walon dokter. Teu kebat. Laju ngaléos.
Isukna. Jul-jol nu baresuk. Nu gareulis. Malénor. Nu ngemitan, ngarenyu. Torojol. Aya rombongan nu diiringkeun ku jagabaya, samakta. “Sekarang, Anda kami pindahkan ke ruangan khusus!” ceuk nu jangkung badag. Semu kuraweud. Burhan direjengan. Diasupkeun kana mobil. “Deuh bagja Si Sujang mah Nyai..., gering sakitu ogé pada miara,” ceuk Si Ema. Nu ngemitan ngingsreuk. Neuteup geuleuyeungna mobil.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya