Kalangkang
ANJEUN, ukur hirup dina lamunan. Mapaésan sawangan nu éndah. Pung! Ngapung ngajomantara. Dibawa hiber katumbiri. Ngalalana. Ngaliwatan bulaona langit nu teu bulao. Ngaléngkahan hurungna layung nu méh teu hurung. Jeung petengna peuting. Parat nepi ka isuk. Panggih jeung matapoé nu mancer dina wancina. Nu geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Ukur cenah jeung cenah. Ayana dina carita wayang. Dina dongéng barudak. Dina gambar nu unggal usik diteuteup: Pameunteuna jeung ragana. Ku hayang ngorobét haténa. Ngajewol jantungna. Rék dicangkokeun jeung nu uing. Susuganan bisa ngajadi hiji. Mapag matapoé nu tara jalir manggihan uing unggal poe. Ngarénda poé isuk, sangkan kahareupna bisa silih titipkeun rasa jeung raga. Hanjakal hirup babarengan jeung anjeun, ngan saukur aya dina carita. Nu sajorélat ilang. Béhna mah teu bisa ngusapan-ngusapan acan. Uing mah ukur kalangkang anjeun. Kalangkang nu moal bisa pisah jeung jirimna. Kalangkang nu moal bisa noél-noél acan. Batin ceurik balilihan. Ukur kitu bisana.*
Deni Riaddy - kisuta.com


