Demi Nyai
"HADIAHNA kanggo Nyai neraskeun sakola," cekéng. Budak unggeuk, biwirna kunyam-kunyem jiga nu keur jajampéan. Ret ka luhur, kana tungtung tangkal jambé nu geus dirarangkénan, hadiah patinggulayun. Dina haté, harepan patinggulawing. Teu cara nu enggeus-enggeus, taun ayeuna mah hadiahna leuwih réa jeung garedé. Malah aya motor jeung duit welasan juta sagala rupa. Kagegelan ti Lurah nu anyar kapilih. "Sekedar ungkapan rasa syukur. Rakyat berhak menerimanya," cenah, dina biantarana. Saréréa émprak, sarurak éak-éakan. Bring, saréréa ka tengah lapang, muru tihang jambé nu jangkungna méh ngahontal méga. Rét, kana hadiah nu rantuy di puncerna. Rét ka budak nu semu rambisak. Biwirna kunyam-kunyem. Méméh ngojéngkang, sirah budak diusapan. "Kudu hasil!" Gilig. Gajleng, térékél. Srod, beuki luhur. Luhur. Ceg. Gurawil. Clé, dina tungtung tihang. Ger, nu di handap surak. Panon ngulincer, nyiar hadiah panggedéna. Gep. Bret, dibedol satakerna. Dorokdok. Koléang. Sarérétan, katangén budak kunyam-kunyem kénéh. Leng. Les. Koréjat. Bréh, dokter rancunit. Neuteup deudeuh. Biwirna kunyam-kunyem.*
Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


