Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Dunya Séjén

Kamis, 9 Oktober 2014

"NA ari sia, bagong teu gableg cedo. Pepelakan digaley, teu watir-watir ka nu capéna, dunungan aing." Sora nu ambek teu eureun-eureun.
"Montong loba omong anjing! Lain ukur babaung. Ngagogog alah batan manusa nu taya kawani," haré-haré. Némbal sahayuna bari teu petot sesegrok. Kebon jagong hémpak diranjah.
Purah jaga teu mangga pulia ngayonan nu ayeuh-ayeuhan ngaruksak tatanén. Ukur bisa ciling-cingcat teu puguh laku, béakeun sora. Ahirna ak-ak uk-uk di kolong saung ranggon, maksud ngahudangkeun dunungan nu tibra dina impian peuting.
"Tuh deuleu dunungan sia, anjing! Ngadedempés teu hudang-hudang. Sarakah pisan, méakkeun hancengan aing ngagunasika leuweung tutupan." Dina poékna peuting rombongan bagong mulang bari beuteung mutiktrik. Anjing jaga ngaheruk bingung béakeun tanaga. Ngalempréh, létahna ngelél nahan capé. Nunggu isuk panalék bari unggah balé watangan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya