Cucurut
MANGGIH anak cucurut ti pipir imah. Dikukut dina kéler, sok diparaban roti sésa sasarap atawa kukupu meunang ngahaja néwak ti buruan masigit. Ayeuna geus gedé. Geus meujeuhna dikawinkeun.
“Moal daékkeun atuh ka heulang mah. Pantesna gé jeung gagak,” ceuk pamajikan, bari terus mukaan majalah. “Atanapi sareng kasuari baé, Pa? Nu Bah Didong gé geuning saraé,” ceuk Atun, nu keur anteng lalajo sinetron. “Atanapi sareng taplak méja?” Karsih milu mairan tina méja istrikaan.
Teu didaréngé. Gedig ka Pasar Minggu. Nepungan Mang Ayip, sugan boga heulang nganggur. Kabeneran aya. “Ngan keur rada nguyung ieu téh. Kahujanan basa kamari ngadu langlayangan,” ceuk si emang bari nyodorkeun heulang bikang.
Nepi ka imah geus suwung. Atun jeung Karsih geus marulang. Pon kitu deui pamajikan. Dua mangkeluk langsung diamprokkeun. Bangun nu aratoheun. Sapeupeuting, ti kamar sabeulah, teu eureun nu pating golombrang. Heulang jeung cucurut keur sukabungah. Moal lila deui, pangeusi dunya bakal nambah.*
Maman Gantra - kisuta.com


