Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Hiji Waktu

Sabtu, 11 Oktober 2014

MANÉHNA nyangsaya dina pipir ranjang. Neuteup ka kuring. Teu ngiceup-ngiceup. Sora ambekanana Ngahégak.
Késang katempo renung na tarangna. Kuring nyampeurkeun lalaunan. Gék diuk gigireunana. Ngarampa tonggongna.
Kaosna nu ipis, beueusku késang. Nyitak pisan dina awakna. Jaba hawa keur meumeujeuhna hareudang, bayeungyang.
"Ibak?" Ceuk kuring lalaunan.
Manéhna teu némbal. Ukur unggeuk lalaunan.
"Pangbukakeun acukna," ogo bari nyanghareup ka kuring.
Dua leungeunna ngacung ka luhur. Kuring ukur seuri. Lalaunan ngalaanan kaosna. Tuluy, diloloskeun ka luhur. Handapna mah ukur diporosotkeun. Awakna jibrug ku késang. Teu maké nanaon deui jerona. Ukur calana jero.
"Ibakaaaan..." Pokna deui bari jamedud rada ogo.
"Ibak nyalira atuh kasép! Pan tos ageung. Jung énggal!" Ceuk kuring bari nepak bujurna.*

Is Tuning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya