Sastra & Humor
Fikmin
Takdir Lalaki
Sabtu, 11 Oktober 2014
KURUNG suwung. Lawangna muka. Régang jambu nu oyag. Peuntaseunana. Maruragkeun tapak-tapak: Bungbulu nu tingkoléang dina angin. Cikénéh. Saméméh récét mileupas ka jauhna. Teu katuturkeun ku panon hiji budak. Melong copong ka lebah angkleungan méga. Nu geus nyokot bagéan caritana.
Cinta munggaran. Nya ka mana hiberna?
Sawindu ti harita, biru peteng rebun-rebun. Hiji pamuda nikreuh ka pasirnakeun. Kungsi reureuh. Ngadon ngalieuk ka landeuheun. Célak-célak lampu tajug sagigireun imahna. Kumoléab dina ipis simbut halimun. Sugan kabaca: Salambar surat geus diteundeun luhureun anggelna. Sanajan yakin. Kari angin jeung panineungan. Nu kiwari ngeusian imahna.*
Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com
BAGIKAN
BERI KOMENTAR
Terkini


