Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Panjang Lébar

Minggu, 12 Oktober 2014


AJENGAN
Ahur lamun ceramah hésé eureun. Sanajan geus ngucapkeun kalimah “punten, sim kuring sanés teu hoyong panjang lébar dina medar ieu masalah, margi…..”. Tah lamun geus bijil kecap “margi” pasti tanceb gas deui aya kana satengah jamna. Panjang lébar deui. Teu kalis didéhéman ku khodam (asistén) nu sok marengan mangmawakeun kantong wadah kitab.
Hésé dirobah. Ma’lum geus kabiasaan ti jaman nyantri kénéh.
Tapi basa nyérénkeun Jang Badru rék nikah ka Nyi Sodah mah, pidato Ajengan Ahur, singket padet. Harita mah, tas nyebut “sanés teu hoyong panjang lébar, margi…..” téh, tambahna ukur sauted :
“Upami panjang teuing matak sawan panganten istri, upami lébar teuing matak reuwas pangantén pameget. Wassalam warohmatulloh wabarkatuh….”
Hadirin spontan patinggalakgak seuri. Nepi ka ngaguruh. Ngan naha kataji ku kekecapan Ajengan Ahur ngeunaan “panjang lébar” keur pangantén, duka atoh pédah teu “panjang lébar” lolos erém kawas sasari.*

Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya