Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Titirah & Cawet Kayas

Minggu, 12 Oktober 2014

IMAH bilik. Nu nyengceling sisi wahangan. Dicicingan ku nu ngadon titirah. Kalabasan. Ngadon bumetah. Nahun. Sok jigrah mun pareng aya hujan poyan téh.
Geus heubeul ngadago girimis. Gawéna huleng jentul. Rumahuh. Dina mentrangna kalangkang beurang. Dina comrékna pucuk peuting. Manéhna teu reureuh. Ngagugulung nu dipimeumeutna. Digulang-gapér. Dihariringan.
Wanci tumiris dina lolongkrang simpé. Balas capé. Manéhna kapulesan. Dumadakan aya angin ngagelebug. Rekét. Jandéla kamarna muka. Langéor. Aya nu datang. Nu geulis badis béntang pilem India. Ngadengo. Bari ngusapan. “Deudeuh teuing Engkang...!” pokna. Rét. Ka nu keur dikeukeuweuk. Bréh. Cawet kayas. Nu geulis imut kanjut. “Sing sabar nya, mun wahanganna hérang deui. Sabataé urang ngojaya deui,” Laju ngaléos. Muru jandéla nu bolongor. Jleng. Diteureuy mongkléng. Nu keur nyegrék ngoréjat muru jandéla. “Nyaiii!” pokna. Ngajorowok. Semu peura. “Deuh. Ku harianeun, nya!” pokna deui. Bari ngabeubeutkeun awakna kana kasur lépét. Bari ngagaléntoran nu dikeukeuweukna. Laju ngahariring deui. Diselang humarurung. Sorana nurihan peteng.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya