Si Awat Boga Salaki
GEUS aya kana sabulannna Nyi Antéh kokotéténgan néangan ucingna. Teu sirikna geus ka unggal madhap disungsi. Ka léngkob, ka lebak, ka tonggoh, ka sagara keusik. Keukeuh teu kapanggih. Geus méh pegat harepan. Karasa pisan hirup nunggelisna téh. Asa euweuh keur geusan pakumaha. Asa kaleungitan batur keur curhat. Sok sanajan Si Awat téh ngan saukur sato. Tapi ti saprak diculik alien heug diécagkeun di bulan téh pan ukur ucingna nu ngabaturan. “Na ka mana atuh manéh téh Awat? Bet baluas ninggalkeun kami sosoranganan. Mun minggat, minggat ka mana. Mun paéh kudu aya bangkéna...!” Gorowok Nyi Antéh ditompokeun kana sééng. Anéh bin ajaib isukna di pipir imah kadéngé sora nu uang éong. Ngan bet matak hélok da geuning bet dituturkeun ku anak ucing satilu-tilu. “Saha salaki manéh, Awat? ” Nyi Antéh curiga. “ Uing pisan Nyai!” Ceuk Si Doraémon nu teu kanyahoan deui ti mana datangna. Ujug-ujug jleg waé aya hareupeun.*
Maman Damiri - kisuta.com


