Amplop Keur Emih
MIMITINA mah asa kumaha. Geus karuh imah-imah gé can pati napak, unggal bulan Si Aa kudu ngamplop. Teu meunang henteu. Teu kaop telat, ngagegejeg. Sarua ka adi-adina Si Aa gé. Padahal emih teh pangsiunan, titinggal carogéna ngabarak. Lila-lila mah teu jadi pikir. Mana kitu gé meureun geus rejekina.
Saminggu ieu kuring ngemitan emih di rumah sakit. Adi-adina Si Aa bet haré-haré, ngalongok saelol-saelol. Siga lain ka indung. Pokna téh, atos ieuh dilongokan ku amplop unggal bulan. Ningali waruga nu kanyos, haté bet ngarakacak. Lambé emih teu weléh baseuh ku asma-Na. Najan padangantep, taya sora humandeuar atawa katugenah. Ngan kitu, keur ngalempréh gé, amplop mah kudu! Ka kuring mindeng ngusapan bari carinakdak. Tungtungna emih nohonan panyaur ti Mantenna.
Basa ngariung saentasna, tilu kulawarga taya nu nyoara. Ngaheruk dina pikiran séwang-séwangan. Dina lomari emih, aya koper pinuh ku duit jeung catetan. Ngajurung jarah babarengan.*
Teti Taryani - kisuta.com


