Belesur Waktu
RARASAAN Bu Monah, cikénéh umur 28 taun téh. Harita geus anak dua. Tapi awak naleuhneur kénéh. Kaharti mun Dén Bojat, 19 taun, kabungbulengan. Bu Monah léah ngalayanan. Cul salaki, 38 taun, ngajoprak ku batuk gangsa. Asa sugema boga ganti keur mudalkeun birahi. Unggal poé, duaan aber-aberan dina motor Honda CB-100.
Tapi waktu ngeyeted pisan deuih. Disawang tina korsi roda. Bari ngararasakeun struk dina umur 58.
Basa Bu Monah keur rucah, brol incu munggaran ti Si Cikal. Si Nunéng. Ayeuna jejeg 30 taun. Geus rarandaan. Anak hiji. Sidik pisan, di buruan, Si Nunéng ocon jeung Dén Bojat, nu diuk dina sadel “Harley Davidson”.
“Keur Dén Bojat mah, waktu téh teu robah pisan. Tetep kawas 30 taun ka tukang, basa aing saban waktu, ngumbar sahwat jeung manéhna,” Bu Monah ngaheruk. Nahan piceurikeun.*
Usep Romli Abdul Hamid - kisuta.com


