Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Dodoja

Senin, 20 Oktober 2014

BARANG brol ka alam dunya, kaula ngocéak satakerna. Terus ku éta awéwé kaula di pangku, diteuteup, digaléntoran, diteuteup deui rada lila; ku paneuteup nu kacida seukeutna. Lalaunan leungeunna ngaragamang kana beuheung. Krek! Eungap. Kaula maot béakeun rénghap.
Dumadakan aya jangjang nu tumuwuh tina lebah pupundakan. Geleber kaula hiber, muru Ibrohim nu gugupay ti jomantara. Barang eunteup dina iteukna, anjeunna cacarita, “Bagéa, Sujang, anjeun mah teu kungsi ngasaan dodoja.”
“Dodoja? Nu kumaha dupi dodoja?” tanya téh panasaran. Anjeunna ukur nunjuk ka dunya. Hiji awéwé keur aduglajer pipireun tajug. Uratna raranteng sabot ngaheujeunkeun orok tina beuteungna. Barang brol, éta orok beureum ku manéhna dipangku, diteuteup, digalentoran, diteuteup deui rada lila; ku paneuteup nu kacida seukeutna. Lalaunan leungeunna ngaragamang… Ah, kaula meungpeun. Nyulusup dina rubak taktak Ibrohim.*

Muhammad Shohiba Nu'man - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya