Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Careuh

Selasa, 21 Oktober 2014

ENYA gé kuring pagawé anyar asa piraku aya nu kaliwat? Kadar sasapu, ngepél, jeung elap-elap, dipungkas ku mareuman sakabéh lampu jeung ngoncian panto-jandéla. Peun. Naon héséna? Éta kabéh geus dilakonan. Malah, koncina gé masih ngagantung dina beubeur.
Ari itu? Panto jeung jandéla lain baé maruka. Lampuna gé harurung kénéh! Malah lampu kristal di lobby ngilu caang. Mani mabra, siga nu eukeur kariaan. Piraku aya tamu peuting-peuting? Jeung kuring teu dibéjaan? Enya kuring téh ukur purah beberesih, paling henteu Bapa Kapala pasti nyarios. Rék saha nu nyadiakeun cai?
Kapaksa balik deui. Ngagidig ka hareup. Lampu di ruang tahanan, ruang pengacara, ruang panitera, kabéh dipareuman deui. Panto jeung jandélana ditarutupkeun, trék dikonci. Barang rét ka lebah lobby, karah ngagebeg. Bapa Kapala sareng para hakim nuju cacalawakan bangun gumbira. Puluhan careuh ngagimbung dipayuneun aranjeunna. Jalu bikang bangun rareuneuh. Kabéh siga Bapa Kapala: caralawak. Taya sora.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya