Parodi Tepiswiring
NU ngirim bingkisan masih uplek ngobrol. Ti mimiti trend mode, pakakas mahal, balanja onlén, distro, mall, restorant parat ka kadaharan nu kabarat-baratan. Nu ngadéngékeun teu eureun unggut-unggutan. Jadi jiga manuk pecuk keur macokan parab.
“Éta téh Ibi,balanja di mall nu éta, muhun nu éta, mirah. Tapi barangna saraé. Kamari Bunda mésér pakakas sareng sagala rupina, acuk murangkalih, barang éléktronik nya séép kana duapuluh jutaan mah. Tapi teu panasaran da pakakas bumi pinuh. Tah pami badé nitip mah ka Bunda waé ngkin. Ahhh kanggo Ibi mah mésér nu urjen waé hungkul. Da ai boborong jiga abdi sareng Bunda mah abot atuh!” Ngomong kituna téh bari uluman alimen Juragan Besar téh. Pananganna nu raweuy ku cincin emas, pinuh kasapuluh réma rémana dipepeta dicentikeun.
Juragan Besar, lalandian ti saprak ngalélang warisan. Ngaregejud duit mangratus-ratus juta. Unggal wanci teu sirikna sapoé tilu kali jiga nginum obat, pulang anting babalanja. Gaya hirup dumadak ubruh-ébréh. Uporia jiga kokoro manggih mulud.
Tilu bulan ti harita, Juragan Besar saparakanca, ngalalangge di buruan imah nu angger balakotrékan. Shoping eureun jadwal. Rencana ngawangun imah tina hasil warisan ukur katangtungkeun pagerna hungkul. Kitu gé ku gedég awi. Bandul emas nu baranang siang langsung laleungitan. Jiga nu muja béakeun wadal.*
Ratna Ning - kisuta.com


