Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kingkin

Jumat, 24 Oktober 2014

NITÉNAN gambar salira nu masi atra, cékas. Keureutan pameunteu, imut nu sakolépat, teuteup seukeut, ahh akang. Suanten nu dareuda, kabayang deui sagalana. Ngarungrum hate nu angger simpé.
“Deudeuh Nung. Hirup ngan saukur bubuara sakedapan. Sing sabar! Keun sugan di dunya urang manggih peurih. Ké di alam langgeng urang bakal pinanggih senang!” soanten nu dareda, usap deudeuh na taktak, karasa nyecep tiis tug dugi ka kiwari.
Salira mindeng janten panggeuing, pangupah jiwa nu sulaya. Bibit asih nyamuni, nyangkaruk na leuwi ati. Panginten salira teu apal.
“Akang hayang tepang…” bungangang mangsa sms jeung telepon merelek. Badé lah-lahan ngalahirkeun rasa ka salira. Kembang pulas kayas mangkak ligar na taman hate.
Poé ka minggu. Minggu ganti bulan. Lebeng. Haté ranggas. Peunggas. Nu ngabebela na dada pareum. Ngajadi ruhak jeung lebu. Saukur jadi kekebul. Hiber kacandak angin. Ical. Taya tapak. Saukur ngeres na lebet soca. Ngeres. Tepi ka salawasna ngaluarkeun cisoca.
Salira teu datang. Sanes udar subaya. Salira mulang ngajugjug muru ketumaninahan. Ngaleupaskeun cepengan, rangkulan, haréwos deudeuh ngupahan.
Ngantepkeun diri ludeung leumpang nyorangan. Nyukcruk galur nu angger teu sampulur.
“Nung, ngkin mah salira sing ludeung nyorang lampah tan akang. Pan urang masing-masing boga jalan jeung tujuan!” haréwos salira nu panungtungan.
Aya nu ngembeng na kongkolak. Aya nu ilang dina jiwa. Sabeulahna asa ngalayang. Hampang.*

Ratna Ning - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya