Totondén
HIJI peuting, Raja di hiji nagara ngimpi, sakabéh tatangkalan nu aya di buruan karaton ngarangrangan. Rangsak tuluy gararing. Dipikiran nepi ka janari angger teu kapikir. Teu dipikiran angger kapikir. Bubuhan Raja, ngimpi gé pastina geus bakal ngandung harti keur kalungguhanana atawa lumangsungna kahirupan sakabéh rahayatna. Sang raja tuluy maréntahkeun ka hulubalang, sina minangsaraya ahli nujum pikeun ngaguar harti ngimpi nu kaalaman tadi peuting.
"Baginda, numutkeun sim kuring, hartos ngimpi salira nyaéta kirang langkung kieu, yén kulawarga salira sadayana bakal perlaya, iwal ti salira anu bakal salamet. Saéna kedah tatan-tatan ti ayeuna upami hoyong nyingkahan bala," kitu katerangan Ahli nujum.
Ngadéngé kitu, raja kacida ambekna. Asa pamohalan mun nepi ka kitu. Raja digjaya, moal teu kawasa nyalametkeun kulawargana tina marabahaya. Raja teu suka. Dianggap ngahina, ahli nujum diseréd, dihukum penggal.
Peuting isukna, raja ngimpi deui, sarua pisan jeung ngimpi saméméhna. Isukna, ahli nujum didatangkeun deui.
"Baginda, pamendak sim kuring, hartos ngimpi salira tadi wengi ngarupikeun hiji totondén, yén Baginda badé langkung panjang yuswa," ceuk ahli nujum bari tungkul.
Ngadéngé kitu, raja kacida bungahna. Ahli nujum tuluy diganjar ku hadiah. Tapi saminggu ti harita, karajaan katerap wabah. Hiji-hiji, anakna maraot, sadaya selir-selir dugi ka Ingkang Prameswari teu salamet.
Raja ngahuleng sorangan, teu puguh pikir.*
Is Tuning - kisuta.com


