Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Panjang Duriat

Kamis, 30 Oktober 2014

ASA ngimpén numawi! Tiasa sasarengan deui sareng Kang Nanang. Imutna. Teuteupna. Nu tadina mung ukur aya dina implengan. Sawangan. Kiwari laksana. Sapuluh taun kalarung, Kang Nanang nembrakeun kanyaahna. Abdi disuhunkeun ka Bapa. Tunangan. Ti harita ogé Nining teu weléh ngagoda. Ahirna mah abdi nyerah. Kang Nanang beuki nebihan tina haté kuring. Kang Nanang ngarangkep sareng Nining. Ti harita, Kang Nanang diicalkeun tina émutan sareng haté abdi. Minggu kamari. Tepang deui sareng Kang Nanang nuju bukber. Uihna, Kang Nanang ngedalkeun, hoyong ngajangkep sareng abdi. Teu diengkékeun. Dongkap ka rorompok, langsung nyarios ka Bapa. Diwidian. Énjingna nikah! Abdi sadar. Résiko nikah sareng Kang Nanang mah moal tiasa ngapimilik sagemblengna. Panasiban abdi panginten. Dengdem? Gusti! Mugi sing ditebihkeun tina rasa éta. Abdi kersa janten nu anom sotéh, pédah sareng Nining mah, tos dalit ti aalit, jadi batur sakasur di kosan jaman kuliah. Terang adat. Tara aya nu disumput salindungkeun. Ongkoh panjang duriat wé…*

Deni Riaddy - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya