Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Iklas

Jumat, 31 Oktober 2014

BADA subuh dicokotna téh. Basa aya sora raong di munara masigit. Manéhna teu buringas cara sasari. “Uing mah ngawula kana titis tulis. Moal rék mungpang. Teu kudu digusur jeung diceprétan siga kieu!” kitu gerentesna. Rét. Ka dununganana. Rét. Ka nu keur ngagenyol nyusuan anakna. Maléngos sajongjongan. Laju ngadigleu. Bujur dempokna oyag. Nuturkeun panuyun nu rék suméba. Babakti.
Pabeubeurang. Dibawa ka hiji tempat. Kasampak jelema tingrariung. Samagréng ku rupaning pakarang. Tinggurilap. “Heueuh. Tugas uing mah, da semet ieu. Moal aya balitungan siga aranjeun!” gerentesna deui. Laju pada ngarejengan. Getih kaiklasan ngocor. Rénghap panungtung dipirig ku sora takbir. Ngalanglaung. Nyilalatu. Tumerus nyanding wiati.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya