Beubeureuh Anyar di Imah
BÉDA sapuluh taun, keun. Kuring 62 taun. Manéhna 52 taun. Béda sapuluh aslina. Lah, jodo jorok kacida. Pédah resep ku neuhneurna. Nya cindung bodas ngawangi. Socana bolotot asri. Ari kulit, hideung santen. Moho gogoléran sonten. Gogolédagan néskanten. Hoyong gilinggisik gasik. Alim jauh, deukeut balik. Soanten ningtring, beresih. Estu murnina kaasih.
Tegep, teu éra ka pésta. Dedeg, jangkung wibawa. Nya Migagah, Idéal-lah. Teu isin mawa nyeminar. Ondangan, riungan sarta. Umur kolot, tampilan Wah! Moho nénjo, donto mMuwach! Teu éléh ku budak ngora. Kolot kalapa aslina. Kulit garing di luarna. Lebetan jarang nu boga. Tokcérna, digetok éncér. Awakna, digulang gapér. Teu éléh ku nu Aranom. Moal lééh ku nu Ngora. Saprak kuring jeung nu anyar. Hirup full-tegar bersinar.
Vitalitas, yés perfecto! Dimanja bari diogo. Duaan kamana-mana. Ka gunung néangan Suwung. Ka laut néangan Lulut… Amazing pinuh Hariring. Si Enéng néhi bergonjing. Dipupusti dama-dama. Diusap-galéntor jasa. Full sérvis, full bahagia. Ceuk para Admin, basana. Selalu siap keur kula. Beurang peuting, siap tandang. Merepet midangdam pindang. Pagégéyé, hésé hudang. Kuring gering, dua bulan. Nu geulis horéng kapakan.
“Kang, janten, neplikur jéti. Énjing …STNK nu asli!” és ém és na HP atra.
Neuteup BMW Katresna. Ngajugrug jero Garasi.*
Wawan Setiawan Husin - kisuta.com


