Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kado

Senin, 3 November 2014

NAJAN juuh tacan tuhur. Ahirna awéwé kandeg handapeun satangtung janur. Rumahuh. Rét. Kana rarangkén écéng manteng. Lain ngaranna nu sumanding tineung. Rét deui. Kana ali meneng. Lalaunan diudar tina jariji pasini langgeng. Laju salila-lila ngaheneng. Ti dinya. Gedung résépsi ukur sawatara léngkah. Bari seunggah sukuna maksakeun lumampah.
Rénghapna. Anjog ka gapura panampian tamu. Dipapag hariring jatukrami. Tapi suling kalah parna ngajarumat gelikna diri. Ngalaungkeun liwung tina saban jentréng urat sorangan. Teuteupna. Eunteup lebah papajangan. Lalaki keur sukan-sukan huap lingkung. “Wilujeng, Kang...” Gerendengna. Gap. Pulpén. Satacan trét. Juuh miheulaan ngeclak ngeusian daptar hadir. Tutas nitipkeun kado pulas wungu ka pager ayu. Teu kebat ka jero. Léngkahna. Mulang deui nyuay-nyuaykeun sakabéhna.
Luhur ranjang. Sapasang pangantén murak kado babarengan. Teu kendat nepungkeun imut meumeut jeung geugeutna. Ceg. Kana kado pamungkas. Bungkusan wungu tarapti dibuka. Bréh. Dina pelastik. Giblegan daging lamokot getih. Atra. Diémbohan tulisan. “Muga Akang nyorang bagja, abdi tos nedunan jangji diaborsi.”*

Ari Andriansyah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya