Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kohkol

Senin, 3 November 2014

"NU penting tanda. Beja. Bewara sangkan kumpul. Tepi ka waktu. Tanggara nu pada apal", keukeuh dina pamadeganana.
Pindah jaman. Loba rongsokan sesa perang. Beusi bunder, manjang, masagi teu jadi soal. Nu penting disada mun ditakol ku beusi deui. Kalan-kalan ukur ku batu nu kakeupeul. "Neng ... neng." Sakapeung kokolonangan niron loceng di gareja.
Listrik saba desa. Nyaliara tepi ka suku gunung. Kohkol, bedug, loceng maluguran. Tumpur teu kasusud di mana dikubur. Teu katohyan iraha lekasan. Ganti lalakon. Kadeseh ku toa, jeung bel listrik rupa-rupa sora. Sampurasun pindah kana tungtung curuk.
"Uing mah sono kana kurulungna", Udi -Ketua OSIS- salah sahiji madrasah di tepiswiring mere alesan. "Atuh bel katitih murah jeung praktis. Tapi aya nu leungit. Matak mending ku kohkol.""

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya