Lahirna Aki Tirem
SAKOTA ieu mah, sigana, kuring bayawak hiji-hijina. Kituna téh, pangkolotna.
Da, énya atuh. Kuring mah lain baé apal ka Wijaya, Airlangga, atawa Kartanagara. Dalah, basa Aki Tirem dijurukeun incu kuring mah geus buyutan.
Kuring inget, harita salelembur tihothat. Bubuhan nu ngalahirkeun téh incu kokolot kampung. Ti mana mendi daratang. Lain bae jelema, dalah jin, siluman,lelembut, jeung rupaning sasatoan gé ngaraleut ti suklakna ti siklukna.
Ceuk cenah, kumna mangkeluk dihiap ku Hyang Widi sangkan nyakseni ieu lahiran. Atuh, harita mah lemah téh asa oyag, kagiridig ku nu ngaralayad. Lembur kuat ka metet. Hésé hitut-hitut acan téh lain wadul. Huma nu anyar nyacar lidig balas dilidek ku réwuan mangkeluk, nu geus teu kawadahan di tegal hareupeun imah kokolot. Sabangsaning tatangkalan mah, lain baé dahan jeung rarantingna nu reumbeuy ku mangkeluk téh, ka daun-daunna diparaké ucang-ucangan. Boh jelema boh lelembut atawa sato pisan, rentul. Nungguan brolna si jabang bayi.*
Maman Gantra - kisuta.com


