Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Cihujan Nu Minda Warna

Senin, 10 November 2014

HUJAN leutik ngaririncik. Soré mulang méméh usumna. Layungna geus dirungkup ku méga mendung. Dayeuh mimiti simpé, jalan-jalan témbong suwung, ukur pirang jalma nu lalumpatan embung kabaseuhan. Guru Dahlan gasik ngiuhan hareupeun toko Babah Aho. Lar, mobil patroli. Eusina sungut-sungut bau sepirtus soldadu-soldadu beungeut buringhas. Ngahudang amarah manéhna nu keur baluweng. "Naha bet téga, Marni!" Pédah manéhna teu saperti lalaki ilaharna? Teu cara Dasép nu taya kagimir. Teteg nyanghareupan haseup masiu. Ari manéhna? Nyamuni dina labél sakolaan. Campuh mah ukur obral nyawa nu dimurah-maréh. "Hapunten Marni, Kang. Apan ieu téh demi Akang ogé." Kaharti, mun teu kitu manéhna hamo bisa hirup tengtrem kawas kiwari. Ngan éta teuteup teu bisa mungkir. Saha wanoja nu teu kabéngbat ku Tuan Willems. Tina kapaksa ngajadi cinta. Marni, geus jalan dua. Satemenna Guru Dahlan nyidem hiji kahéngkér. Amarahna teu bisa suda. Geus teu mireng sora-sora tingkedepruk, tingbérébét. Manéhna ujug-ujug ngudupruk. Cihujan minda warna sabudeureun ragana. Beureum.*

Budi Mugia Raspati - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya