Usul
SIGANA resep mun Senayan pinuh ku monyét. Enya. Sakur rupaning monyét. Aya lutung, owa, ogé surili. Dialabur, siga di Ubud, Jaipur, atawa Lopburi. Ku pikiran, matak tegep mun keur rapat paripurna, monyét pating kalacat dina méja Ketua atawa anggota. Sasakali narangkod dina kaméra wartawan télévisi atawa gugulayunan dina lampu kristal jeung Burung Garuda. Komo mun geus ngarawélan susu Ingrid Kansil mah. Asa kawakilan lelembutan téh. Atuh, sakalina Presiden pidato, lebah taktakna aya mandahong ngadon anjeucleu. Beuteungna nutupan beungeut ajudan. Beu! Keur kuring mah, ieu hiji public relations nu realistik. Lain kadar pencitraan. Yén, nagara urang téh bener-bener tigin ngaropea kahirupan. Lain baé jelema nu diriksa didama-dama téh. Dalah monyét gé dimuliakeun pisan. Ongkoh, lain sasaha… Parlemén téh lain ukur tempat démo. Tapi,ogé kebon binatang. Paling heunteu, nya tempat sarupaning monyét baranahan.
Ah, kasawang, taun hareup mah kuring moal ukur Ketua DPD deui. Sekretaris DPP mah sigana geus kakeupeul, yeuh…*
Maman Gantra - kisuta.com


