Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Carita di Hiji Stanplat

Rabu, 12 November 2014

MOBIL kolot ngajugrug. Supir jeung kenék nundutan dina jok barolong kasurung umur. Gigireun mobil nu mesinna digerung-gerung ngabibita muatan nu nungtut datang. Dipiharep gancang mancat. Sisi jalan handapeun plang buleud digambaran S dicorét aya mobil anyar. Ditungguan ku nu maké seragam pangurus patalimarga. Ngobrol jeung supir nu diuk bari nyekel setir. Anteng. Teu kireum-kireum teu ngarasa salah.
Belesur mobil anyar indit. Muatan pinuh malah lébér ku nu nangkél dina panto. Diwuwuh ku fasilitas nu teu bener. Mobil kadua. Muatan teu kaur pinuh, aya baé nu kaluar. Kosong deui kosong deui. Antukna indit bari ngarepkeun aya nu megat di perjalanan. Nu ngajugrug bari katingal butut. Pada muru ku nu datang kapandeurian. Teu burung pinuh. Biur maju tarapti pisan. Rumasa ku dedegan, tapi disupiran ku nu tulatén.
Anéh ku nanasiban. Nu pangheulana datang ka tujuan nu indit panungtungan. Mobil anyar kasaatan bénsin di tempat hara-haraeun. Nu teu sabar méngpar lebah péngkolan.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya