Ngemis
NGABRING mapayan paimahan. Reg, di unggal lawang panto. Réang ngawih. “Paparinan mis pareeng...” Nu boga imah norojol, “pareeeng..,” bari mawa botol lisah tanah. Curulung, eusina dipindahkeun kana kompan nu ngemis. Saréréa atoh. Breng ngarawih deui, ngadungakeun ka nu méré. ”Alhamdulillah ya Allah ya Rosululloh, salamet dawa umur mugi caang di jero kubur. Sim abdi ngemis ngalap rijki malem Kemis. Diseungeutna irah baé, boh isukan boh pagéto. Ayeuna gé teu nanaon...” Poé Rebo liwat lohor. Urang lembur geus araya deui di imahna. Lembur sakitu legana téh kaider kabeh. Bagilir unggal minggu. Mun ayeuna awéwé di beulah kalér, lalaki bagéan beulah kidul. Minggu hareup mah sabalikna. Apal pisan ka unggal imah jeung nu bogana. Kabéh gé baraya, saur Apa. Palebah hade poéna mah, beubeunangan téh sok mucekil. Kompan pinuh, duit meunang. Pabuburit, ladang ngemis disetorkeun ka bumina Abah Haji. Pameunteuna marahmay, mapag kuring sabatur- batur. Madrasah ngempur nepi ka malem Kemis deui.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


