Calana Jero
RUMAH tangga Juned jeung Isah nincak dua taun. Can boga budak. Nya kitu, awét rajét. Ditambah Juned teu boga pagawéan maneuh.
Mindeng kadéngé paséa. Ditungtungan ku ménta diserahkeun ti Isah. Juned teu wani nyerahkeun. "Eh, éta gé beunang hésé. Can tangtu beubeunangan deui," gerentesna. Kabisana nitah sabar. "Sabar, Nyi. Sugan isuk-géto boga milik. Da Akang mah apah atuh!"
Hiji waktu Isah ninggalkeun Juned. Boro-boro apal iraha jeung ka mana indit. Susal-susul ka ditu ka dieu, lebeng. Teu ninggalkeun nanaon, ngan--duka dihaja duka henteu--hiji CJ (calana jero) beureum ngalumuk luhur enggon.
CJ éta atuh dipusti-pusti. Diteuteup. Dicabak. Diseuseup bari peureum-beunta.
Juned naksir randa Elis, tatanggana. Henteu pok mah, wani na maok CJ Elis nu nyampai dina popoéan.
Beuki loba CJ di imah Juned. Rupa-rupa kelir jeung warna. Nu dipitaan. Nu bolong hareupna. Nu bolong tukangna. Nu logor karétna. Jumlah-jamléh aya 99.
"Ah, lila kénéh ka angka cantik, 999," gerentesna.
Bojong Emplod --kampungna Juned-- geunjleung. Mimitina randa Elis ngagosip di warung Ma Oting. “Nyaan abdi mah, anéh, éta CJ anyar bisa leungit dina popoéan. Mun murag, meureun aya di handap,” pokna.
“Iraha?” Ijah nanya.
“Opat poé ka tukang.”
“Puguh CJ abdi ge teu aya. Padahal geus soék,” ceuk Ijah.
“Abdi gé leungit,” ceuk Oneng.
“Abdi ical,” ceuk Endah.
“Abdi ge,” Cucu mairan.
“Naha jadi loba nu leungit CJ? Urang laporkeun ka RW. Lain ku hargana. Ieu mah malingna nurustunjung.” Elis nafsu.
“Satuju! Tuman!”
Bring, ngabring ka imah Pa RW.
“Naha, pira gé leungit CJ meni kudu lapor ka RW. Ari keur makéna teu lapor,” ceuk Pa RW.
“Ini mah menyangkut harga diri Pa RW,” ceuk Elis.
“Sok tuliskeun saha waé nu leungit.”
Gutrut narulis dina keretas. Isukna aya sarombongan nu kaleungitan CJ.
Jumlahna 99. Tapi, Pa RW --nya Juned téa-- sura-seuri wé. “Barina gé moal ieuh diteruskeun ka pulisi,” gerentesna.*
Dudung Ridwan - kisuta.com


