Sihir Pasirbuncir
DI Pasirbuncir. Tatanén geus arang- langka kaala hasilna. Sakalieun aya nu nyésa, ukur kalambérona. Abrulan monyét unggal usik ngagalaksak pepelakan, teu sirikna paheula- heula jeung nu boga. Urang lembur geus béak déngkak ngungkulanana.
Kitu deui saluran cai meunang pamaréntah ti Cikiangir. Ngagolontor ngan ka balong bogana Ki Marnaji, lurah Pasirbuncir. Balong séjén mah angger ngandelkeun cai liang jeung cihujan. Ngolétrak mun mangsa katiga. Ngumaha ka Ki Marnaji, teu ditolih. Anggursi anteng nguruskeun proyék jalan ka leuweung.
Kamari, Ki Marnaji nyalon kuwu di Arjapatra. Méh salembur sapuk rék milih calon lian. Piisukaneun pilkades. Peuting harénghéng. Aleutan monyét samakta, narajang lembur. Tingcorowok matak sebér. “Marnaji, Marnaji, Marnaji.” Ragem mapatkeun panyirep. Wur, ngawurkeun duit mangjuta- juta. Les. Rahayat Pasirbuncir kasilep. Lir anu tumibra, poho kana lalakon tiheula. Sapaneja, Ki Marnaji jadi kuwu Arjapatra. Leuweung sahéng, monyét aréak- éakan. Nu ngageugeuh kantor désa kariaan. Meunang nu anyar. Ulinkeuneun di parapatan.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


