Kandhiraga
KANDHIRAGA. Saban peuting. Ngajengjen na seuseukeut simpé. Nahun. Nugur karep. Ngemu sugan. Ngemitan nu ngabangingik. Nu diborogod héabna mangsa. Banget hayang nyisit berewit nagri. Nu kawisaya tina sasalad bihari. Hayang nyieuhkeun tenungna nu teu weleh tumapel dina galeuhing rasa seuweu-siwi. “Deuh. Aiiing! Na,bet euweuh nu sahulueun!” gerentesna. Bangun nu geremet.
Wanci sariak layung. Kandhiraga. Asruk-asrukan, mipir-mipir pasir. Ngaluncatan saban wahangan nu caina hideung. Kimpel. Laju nangkeup tuur dina luhur batu anu badag. Rét. Bréh. “Beu! Geuning, ieu teh sarakan aing! Deuh. Geus teu mangrupa,” pokna. Gumarendeng. Dumadakan haténa ngaleketey. Reup peureum. Barang keur kitu. Teuing ti mana datangna. Jol aya nu pakéan ala jawara. Diuk gigireunna. “Jalu.., sabar, euy!” pokna. Kandhiraga ngarénjag. “Tong kaget, sok geura telek-telek!” pokna. Kandhiraga mingkin hélok. Rét ka dirina, rét ka nu nanya. Bet sarimbag. Ngan nu ngabedakeun teh umurna. “Jalu, wayahna, hidep mangsana hojah, pék geura keprak nu sarasa,” sorana handaruan. Les.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


