Kakarén
LUMÉNGKAH sorangan nyorang buruan. Sanggeus sésélékét ngaliwatan mobil tilu jugrugan, anjog ogé ka hareupeun panto imahna. Bet tuluy ngaragameneng. Kawani beuki ngipisan. Barang sadar deui, saha nu rék disanghareupan. Ngarencod sotéh sabada aya nu mukakeun panto. Lol. Sirah budak. Bedegul enyaan. Haté ngalenyap. Baréto sok ngusapan téh basa keur kokorondangan kénéh di handap. Budak téh aya ku wantéran. Tuluy nirilik nyampeurkeun. Jajrigjeugan. Ngasong-ngasong guruntul korma. Asa kaingetan. Rék mikeun dodol ngora jieunan ninina. Gep, kana tas. Kusiwel. Budak tuluy jigrah. Leungeunna ranggah. Rék disanggap téh kaburu aya nu ngarawél mantén ti tukang.
“Moal senengeun ieuh nu kitu mah,” cenah. Nompo pisan. Dibarung seungit buuk nu hihiliwiran.
Sakedapan mah teu bisa nempas. Asa baluas. Barang rék sapok-pokeun, manéhna kaburu ngajéngkat. Mawa teuteup budak nu bangun tibelat. Gebrug sora panto kadéngé tarik naker.
Mulang téh asa teu napak. Basa kapireng sora adan, korma paméré budak laju diségétan. Amis. Amis pisan.*
Asep Komara - kisuta.com


