Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ngadu Jurus

Selasa, 25 November 2014

NINGALI Juréd geus taki-taki teu antaparah deui Omod gé luncat ka pakalangan. Ngan sakolépat geus paduhareupan jeung Juréd. Pantes ari kituna mah pan manéhna mah ngawaris jurus Gurawil Bajing ti Bah Suanta guruna pribadi. Juréd embung kacolongan, tapis pisan nyingkahan panarajang. Leungeun katuhu melengkung ka hareup nyarupakeun hulu oray sinduk. Leungeun kencana meureup lebah cangkéng. Suku kénca ngised ka beh tukang tilu lengkah. Suku katuhu rada maju ka hareup ngabentuk kuda-kuda. Jurus oray sinduk rék nyasar hulu angen . Omod surti kana sasaran Juréd. Geuwat manéhna usik metakeun jurus Taméng Beusi. Leungeun kénca ngahalangan hulu angen. Leungeun katuhu nyiapkeun panangkis. Panarajang juréd nu datang ditangkis ku leungeun katuhu. "Aeh, géwél !" Ceuk Jured bari ngépéskeun leungeun katuhu. Karasa asa neunggeul beusi. Kakara sageprakan masing-masingna geus rék nyarabut bedog. Ngan untungna teu laju da kaburu Mama Duyeh datang. " Keur marebutkeun naon arilaing teh, Jalu?' Mama Duyeh ngagorowok. "Marebutkeun paisan kosong, Mama...!" Ceuk duanana ragem bari jeung teu euleum-euleum.*

Maman Damiri - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya