Tibra
BRAY beunta. Gigisik. Rét kana wekkér na méja, jam lima saparapat. Juringkang hudang, nguliat sakeudeung tuluy babatek bari heuay. Pantes heuay gé da asa cikénéh saré téh. Bubuhan malem minggu, saré rada nyedek ka janari, mariksa hasil ulangan barudak.
Noong tina jandéla, di luar poék, hujan ngepruy kénéh. Boa adan mah geus kaliwat, cekéng téh. Teu kadéngé-déngé acan. Puguh, da tibra téa meureun.
Léos ka jamban, tuluy abdas. Sajadah diamparkeun di tengah imah. "Sinarieun Sholat," ceuk pamajikan bari nunda cikopi.
Teu némbal ieuh, "Meungpeung hirup kénéh," kitu téh na haté. "Ushollii fardhas-shubhi rak'ataini, mustaqbilal-qiblati adaa'an lillaahita'aalaa Allahu Akbar..." jongjon nepi ka Salam.
Wirid sakeudeung, tuluy nilepan sajadah. Sarung dilaanan, disampaykeun wé kana kapstok.
"Téréh-téréh teuing sholat téh?" pamajikan nanya.
"Ah, nu lila mah bodo kénéh..." bari ngaregot cikopi.
"Lain, ari bieu téh sholat naon? Sunah?"
"Naha kitu?" kuring kerung.
"Geuning dua rokaat?, pamajikan merong.
"Apan ti babaheula-na gé solat subuh mah dua roka'at!"
"Subuh-subuh timana horéng! geus rék magrib ieu téh!"
"Astagfirulloh..."*
Is Tuning - kisuta.com


