Ngarasula
NGALÉR, weléh. Ngidul, lapur. Ngulon, kosong. Ngétan, teu aya. Antukna ngalungsar teu walakaya, lungsé awahing ku capé. Nganteur pangharepan, mapay-mapay jangji manéhna, nu nepi ka kiwari can témbong aya pasini nu ngabukti. "Di mana atuh nyimpena éta bukti, nu tiheula ku silalaing dijangjikeun téh?, Asa kitu salah kieu lain ngabandungana ogé". Nu antukna éta harepan, Blem! Dihuapkeun. Diteureuy buleud-buleud, teu digayem heula. Eureuleu... Teurab. "Jongjon siah, ari geus dihuapkeun mah. Moal kudu hésé capé ngangkleung-ngangkleung deui." Aya kénéh sésa tanaga, kuniang hudang. Haok. Ngagorowok. "Ti semet ayeuna, déwék moal rék ngadéngé deui, kajeun teuing silalaing rék ngomong itu ngomong ieu ogé. Nu menggeus gé ngan ukur huntu, nu puguh mah hayang bararentét sorangan. Ngararadut! Hayang téh weureu siah!" Joprak! Ngalungsar deui.*
Jaladara Nitis - kisuta.com


