Diajar Basa Arab
IPAH, budak kelas hiji PGA. Sakolana hayang pindah ka pasantrén. Isukna, Abahna nitipkeun ka Mama Mali, di Pasantrén Pasir Maung.
Alasan pindah, dina rapot, palajaran Basa Arabna beureum. Padahal, waktu sakola di SD, Ipah jadi juara baé. Jadi, sanajan naék ka kelas dua, lpah tetep ngarasa éra.
Di pasantrén, lpah diajar soson- soson. Éra ku Mama Mali jeung sieun. Sanajan kapiuwa, lamun lpah salah, sok diceprét ku nyéré. Teu aya nu nyangka, Mama Mali nu jangkung badag téh, ari keur ngajar mah sok heureuy, bari anjeunna mah teu riuk-riuk rék ngabodor. Ngan barudak wé saleuseurian.
"Barudak, lamun Mama nunjuk kana délman, terus nyebut, 'tuh kusirna'. Cing, asal tina kecap naon éta, jeung keur saha?" Cung, lpah ngacung. "Kusiro, Mama! kanggo nahnu!"
"Bener, sok atuh tasripanana dinadomkeun."
"Kusiro, kusiroo, kusiruu..." Barudak réang, dilagukeun nepi ka anggeusna.
"Ayeuna kecap mana'a."
"Mana'a, mana'aa, munu'uu..."
"Hahaha..." Mama Mali ngagakgak. Barudak eureun. Luak-lieuk. Hahaha...*
Noorfatah Muhammad Dimyati - kisuta.com


