Tungtung Tiung
"HALO, salam'alaikum." Manéhna rungah- ringeuh. Puguh ukur nomer, taya ngaranan.
"Nunuy, nya?" Nu 'na telepon miheulaan nanya.
"Eueuh muhun. Sareng...," teu kebat.
"Ieu Gina, Nuy." Subhaanallaah. Bréh. Kabayang Gina, sobatna basa keur SD. Gina puterana juragan Wiria, nu boga pabrik roti. Geulis, beunghar, sonagar. Loba nu mikaresep najan Gina teu pati calakan. Geus puluhan taun teu panggih. Sono nataku, asa paamprok paadu hareupan. Uplek ngobrolkeun jaman baheula.
"Sabara hiji bati, Nuy? Gina mah dua."
"Nunuy mah opat, nu cikal tamat SMA taun kamari," pokna, "ari nu Gina kelas sabaraha cikalna?"
"Ayeuna kelas tilu SMA. Keur meujeuhna paciweuh ngabiayaan puguh."
Kadituna manéhna ukur ngabandungan Gina nu capétang ngadongéngkeun anakna nu cikal, lalaki. Manéhna teu kabagéan alas. Sakapeung mairan ku oh, enya, atawa kitu. Ceuk Gina, ti saprak naék ka kelas tilu SMA, anakna milu bimbel. Waragadna méh sapuluh juta. Hayang katampa di fakultas kedokteran universitas kahot di Jakarta. Keur asupna, geus sadia tilu ratus juta. Bisi teu lulus SNMPTN, majar téh.
Manéhna ngalimba. Nyusut cipanon ku juru tiungna. Rét ka si cikal, mojang kakasihna. Geus saged rék miang gawé. Giliran peuting, di pabrik palastik.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


