Mupus Katumbiri
HATEUP injuk iris. Cikaracak tingkareclak, moncor kana sela-sela palupuh. Manéhna ngalangeu. Teu kaur indit, gontot terus. "Ema, abdi angkaat..!" jéréwékna. Cengkat. Jrut turun tina babancik. Mitembeyen ngaléngkah. Kikicipritan ditiung daun cau. Mapay galengan. Reumis maseuhan pakéan leuseuhna. Bras ka jalan satapak. Muru péngkolan. Tempat silih dagoan. Jonghok jeung nu lian. Ngantay. Naék ka punclut pasir. Reg sakedapan. Darangah. Matapoé nyingraykeun aleum. Bréh. "Katumbiri! Katumbirii..!" réang. "Beureum, konéng, héjo!" cék nu nataan. "Widadari turun mandi!" Manéhna mairan. Laju nurugtug. Nyanglandeuh. Tingseureuleu. Ngagedebug. Iirihilan. Srog ka susukan. Mersihan awak nu pinuh ku leutak. Disalin. Maraké saragam jeung sapatu. Leumpang antaré. Nyingkahan cai ngajumbleng di jajalaneun. Gok. Hookeun. Nyampak sakola geus rubuh. Subuh tadi.
Langit reueuk mupus katumbiri dina matana.*
Aris Kumetir - kisuta.com


