Kasilih
GEUS lima taun kalarung ukur tungon saung. Ayeuna tibang bisa nyawang dina ngeplakna pasawahan nu kari sabagéan. Sabagéan séjéna geus rajeg ku wawangunan.
Saban galengan méh pinuh ku cai nu ngemplang. Bubuhan geus mangsana tebar, usum nyambut maju ka tandur. Mangsa ti heula mah manéhna nu dijieun rarangkén sato nu diala tanagana.
"Boa geus tamat téa lalakon urang téh, Lur!" Pelong kosong tina waruga nu geus kopong. Huntuna nu carang katambah sawaréh geus arucutan, atuh anggot carangna beuki nambahan.
"Kiwari lain bihari," baturna mairan. Minangka sobat layeutna, nu sarua geus teu walakaya. Awakna raca ku liang balas dihakan ulam. Seuseukeutna nu keur mangsa jaya mah tanghinas meulah lemah parigel malikeun jagat. Ayeuna béak ku karaha alatan teu dipiara.
Dua sobat nareuteup seukeut semu ceuceub, nobros liang bilik nu geus carang, ka tempat nu rada anggang. Katénjo. Aya nu awakna teuas, tanagana bedas, gawéna segut, nu parabna gé lain jukut. Gegerungan handaruan awor jeung mulekeun haseup. Nguwak ngawik. Cokorna muih. Ngagaley lemah.*
Jaladara Nitis - kisuta.com


