Tonggoheun Gorontalo
MÉH deukeut magrib. Langit hieum, hujan muruhpuy ti lohor kéneh. Pucuk kalapa ngareluk tungkul. Sarua érana jeung bandéra nu ngulapés ti beurang kénéh. Kantor penjagaan geus simpé, ukur dua kopral keur ngalobrol, ngira-ngira iraha bisa cuti ka Sajira. Di gigir, ombak pating jelegur. Di jalan, barudak lulumpatan nurih girimis bari ngalagukeun Maju Tak Gentar. Teu dibaraju. Fotografer anteng neuteup télévisi nu ngacacang di warung kopi, ngabéjakeun PSSI geus kéok deui. “Murdah, naha basisir di lebah dinya sarua motahna siga di dieu?” sms ngaharéwos. Teu diwalon.
Mun harita terus parat ka Bolaanguki, tada teuing meredongna jalan. Ongkoh sieun ku tiris. Baju kari seuseuheun, bekel ngan sajalaneun. Sanajan haté mah kumerot, hayang nempo anjeun nangtung gagah di hareupeun barudak, mingpin upacara bendéra. Diusapan angin basisir, ngilu ngagereyemkeun Indonésia Raya. Shalat lohor di tajug La Tjuba, bari nungguan nu balik ti laut, mawa sunu jeung baronang. Nyawang cindung bodas gugupay katebak angin. “Murdah...”*
Maman Gantra - kisuta.com


